BOYZ DON’T CRY……!!!

moal rek ceurik aing mah…..beul….
moal rek nyeri hate kuring mah …jing…!!!

alatan nu dipika nineung…
nu dipika nyaah….
nu dipika deudeuh…
dirogahala diruksapirusa…

pundung…pundung kudu ka saha…
keuheul…..keuheul kudu ka mana…
hanjeulu…hanjeulu ku naon…lahhh…

tarimakeun we ….
da emang kitu ayana…
da geuning kitu buktina…
geus titistulis ti nu Kawasa…

lainnn……lain pedah harga minyak goreng nerekel naek…
lain……….lain pedah diluar hujan ngagebret…!!!
lain………..lain pedah langit dor dar geulap….
lain……….lain pedah maneh beul…!!!..lainnnn !!!!

aing mah cireumbay….sumegruk bari ngusap dada teh..
alatan…..beut ku bisa2na…..beut kutega2na…
beut kukabina2 teuing atuh…
PERSIB eleh …
adu pinalti…
teu ngarti…!!!!
teu ngarti lah aing mahhh…!!!

maneh mah ….arek kumaha2 oge….
arek jungkir jumpalitan 1000 kali…
arek kukurilingan nepi lieur utah ugeur…
arek peperengkelan adug lajeur ..
aing mah teu paduliiiii….!!!
( read my lips..!!! TEU …pe-a..PA……de-u…DU…….el-i…LI..
teu paduli……!!! )

peun…cekap sakitu wae…
ti sim kuring…..
jajaka3rut tea….
hidup persib…!!! hik3x

Leave a Reply